Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Carita Si Jawa




Wangsa ieu aya hiji carita di wanajaya,
Aya hiji turunan dewata nitis notos ka hiji budak ,
ti tengah lembur ngaguruh ngagulugur,
galudra megarkeun endog na.
Tidinya Génjlong saamparan jagat!

Nu teu di asuh ku bapa na,
Nu teu di ropea ku indung na.
Mukakeun turub mandepun jagat
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Kokoreh bari mapay titilasan

Teundeunnan poe nu baréto
Nu mangkuk raramean di saung butut
di handapeun tatangkalan

Kiwari jaman parantos rubah
jaman manusa di kawasaan ku sato

teu aya anu uninga, hiji oge jalmi sakti teh.

Loba anu sakti nanging lolong batin na
Loba anu weruh nanging bodo utek na
Loba anu Bagja nanging hese kana ibadah na.

Sakabeh na oge poekeun Ngabdi ka dunya.
Elmu har saukur di janten keun kabutuhan materi.
Padahal ti gusti nu maha suci na mah teu aya ukuran pangaos sareung watesan.
Share: