Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Tampilkan postingan dengan label Pepeling. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pepeling. Tampilkan semua postingan

Bahasa kolot Jaman Baheula


Bahasa kolot jaman baheula ARI UYAH MAH TELESNA KAHANDAP (buah jatuh tidak jauh dari phonnya) ngandung harti kalakuan anak mah moal jauh tina kalakuan kolot na

tapi teu kitu nanaon oge kumaha didikan ti leutikna , sok sanajan budak lacur atawa budak garong ari di didik ti leutikna ku elmu agama allah mah insya allah eta budak aya harepan jadi ahli ibadah ,

Teu saeutik anak tukang ibadah jadi lacur jadi garong .
Gara gara naon atuh gara gara didikan kolot anu kurang wejes

sok anak teh didik ku elmu agama ulah sampai anak urang hatena kosong tina elmu agama .

Teu bisa ngadidikna ! atu tinggal titip keun ka kiyai ka ajengan ari rumasa teu bisa ngadidik mah

Anak soleh pasti bisa mere safaat kanu jadi indung bapa na
nepi engke ka di yaumil mahsar insya allah

Mudah mudahan anak anak urang sing dijadikeun anak anu soleh tur solehah
Amiiin
Share:

Pepeling Kanggo Diri Pribados


Pangalaman sim kuring tina bab shodaqoh sa jabina ti dinya urang teu sadar yen eta pagawean teh aya dina unggel firman Na ngajalankeun atanapi keur ngamalkeun rohman rohim na pangeran nu maha agung nya eta gusti Allah swt.
Di antarana di hampangkeun jeung di lancarkeun tina urusan duniawi tina jalan anu teu di sangka sangka sa teu acan na 

Kumargi kitu hayu urang hayuh sasarengan di ajar ngamal keun sakaligus migawe pagawean na gusti anu nyata na rohman rohim anu parantos di paparin ka urang maksakeun ngaderma keun nga balanjakeun sabahagian harta urang di jalan allah

Manfaat na tina shodaqoh :
  • Ngadatang keun milik rizqi nu teu di sangka-sangka
  • Nolak kana musibah jeung balai  na
  • Nyageurkeun panyakit
  • Manjangkeun umur
  • Sing yakin nu sayakin yakin na

Mun migawe ku ka hadean, buahna tos tangtu bakal datang kahadean nu raosna rasa na.
Ieu mung sakadar pepeling kangge diri pribados malah mandar aya guna mangfaat na keur balarea. 

kirang langkung na kuring neda si hapunten lahir sareng batin

Kuring nulis jeung kuring apal ku waktu kuring nulisna
leungeun Kuring bakal lenyap ku waktu jeung ku umur, tapi tulisan leungeun kuring pasti bakal 
langgeng di hate nu maca jeung ngaregeup keun na
Mugi .... Rahayu gusti .....rahayu
Share:

Teu Gampang Dina Ngambah Ka hirupan

Teu gampang dina ngambah kahirupan Di dunya

Ditungtun ku SANTUN
Diraksa ku RASA
Dilatih ku PEURIH
Diasuh ku LUNGGUH
Diasah ku KANYA'AH
Disipuh ku KARIPUH

Teu gampang dina ngambah kahirupan.
Anging tarekah nu dibarung ku du'a tina ati anu léah nu baris mawa kana kabagjaan.

Nalika di alam kubur teu aya batur, ukur amal nu baris nungtun.
Ka sawarga atawa naraka, amal urang nu nangtukeun.

Cinta ka dunya ulah kamalinaan, komo bari mopohokeun alam kalanggengan.
Satemena di dunya ukur ngumbara, di ahirat kahirupan nu sabenerna.

Tong sombong ku tagog, ulah reueus ku rupa, da eta mah bakal sirna.
Kasép atawa geulis moal di peunteun, ukur haté anu baris di ajéun.

Paralun anu kasuhun, lain rék ngélingan batur.Ieu mah ukur jang diri sorangan, simkuring salaku jalma nu pinuh ku kakurangan

Mugia Allah salamina nangtayungan urang, Maparin jalan pikeun ngadongkang kabagjaan, kalayan lungsur-langsar ngabalungbang

Nun Gusti nu maha agung, tebihkeun diri tina hianat, paralun tisoledat kana maksiat. Hampura abdi gusti

Aamiin... hatur nuhun Gusti mugi maparin ridhoNa
Share:

Papatah kolot baheula


Labuh ku laku, Ti gubrag ku ahlak 
Cilaka mah jarang ku sasaha, tapi mineung na ku polah sorangan

Nu kitu ngaran na cilaka ku pamolah sorangan
Sing Bener hirup hidep nu kasep, nu geulis
Share:

Angkat Aku Jadi Murudmu



Ngaguru kukabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh metuh jajampean
Ajeg lampah dilakonan
Lemah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas ajaran tibeurang
Ngaguru ka poek peuting.
Share:

KANYAAH NU PUPULASAN


Ngarandeg sabada leumpang dina pengkolan jalan anu ngolecer
Nu kateuteup beungeut lembur kapi dangdung dina liwung
Teu kaampeuh cimata beueus nganteur lamunan dina panineungan
Baheula jaman hirup di lembur,lembur singkur kungsi di huru di duruk
Deudeuh...rahayatna paburisat lumpatna bari ngoceak

Kiwari
Nagri Kuring Lemah Cai kuring cikerih loba ngageuri
Hate Rahayatna beak ruksak disasaak ku Pajabat nu teu haat
Duit Nagri ludes ngiles lus les loba tingkereles
Digerejud dirarud kunu bedegul nepi ka beak purutul

Deudeuh.....
Rahayat guyang cimata, Bangsat Nagarana susurakan arulin ka luar Nagara

Longkewang maju ka jungkrang
Dina ceuli rahayat kiwari loba sora anu ngoncrang pinuh ku pangoloan

Loba nu datang narepungan asruk-asrukan daratang muru ka lembur
Harayang jadi pajabat.....Cenah.!!

Saromeah umat imut darehdeh siga nu enya haraat ka Rahayatna
Mun geus jeneng..? 
Imut ngiles nu rek haat pungkasna leungit ngereles.

Creation by R.A Ganda Sasmitadipoera
Share:

Pepeling Diri


Datang mangsa nyandang rasa
Nu di tunggu geus manjing sangkala tangtu
Nya kiwari manjing nu gubrag ngabukti
Soenda tandang mangun sari wangi diri
Dagah rongkah lain pedah
Agul unggul lain wungkul
Dangiang pada nguniang
Soenda manggung mo kahalang
Ngan hanjakal, padana pakia-kia
Masih keneh, kalarung hawa nafsuna
Mawa aing asa turus uyah kidul
Ngudag tangtung, dina pada-pada unggul.
Najan elmu pada luhung
Taya guna mun jadi alat panundung
Nupuguhmah petana suling nu silung
Heuheuy deudeuh............
Nga-geuhgeuy sili geugeuleuh.

Rahayuuuuu gusti

Share:

Ulah Ngarasa Aing Jago


Simkuring sanes JAWARA gelut, 
simkuring ngan saukur pecinta seni SUNDA
Tong sok MENTANG-MENTANG, bisi loba nu NANTANG
Ulah ngarasa asa aing JAGO, 
nyieun salah meni di BORO, 
NYAWA nyaeta euweuh GANTI na
Ulinan nu BENER sanajan BATUR, 
elingan nu SALAH sanajan DULUR
Baong mah geus lain zaman na deui, 
Nu keur nge-TREND ayeuna ngabungahkeun nu jadi KOLOT
Mening keneh urang igelan ITEUK
Ku seni budaya ameh teu ka GUSUR
Ulah keok memeh di pacok

Share:

Rajah Pun Sampun Nya Paralun



Sampurasun.....

Pun sampun nya paralun
Ka luhur ka Sang Maha Agung
Ka handap ka Sang Batara
Ka Batara ka Batari
Ka Batara naga raja
Kula seuweu siwi Padjadjaran
Seja mukakeun turub cupu nu karuhun [1]

Sanduk sanduk ka para Rosul, para Nabi, para Wali, para Karuhun sadaya, jembarna ka para Pujangga

Neda widi ka Gusti
Seja nyukcruk galur kapungkur
Mapay laratan baheula
Nu natrat dina tutulisan
Nu ka campa ku rasa
Nu ka toel ku hate
Katepi ku pikir
Kajeueung ku panempo
Pang wuwuh na basa lisan
Nu tumuwuh turun temurun
Teu ju’uh ku ci ibun
Teu luntur kuwaktu
Teu laas ku jaman
Budaya Sunda tetep ajeg
Sanajan geus rea nu leungit
Dina jiwa manusa Sunda

Pang tepungkeun jeung para lelembutan, wireh kuring kawakilan ...."ku maranehna (bisa juga perorangan nu ngagadugan hajat)" [2]

Atuh deui
Seja amitan ka para lelembutan
Nu ka kurung ku wawangunan
Bisi ka geuleuh, ka keumeuhan, ka tajong, ka koer, kagandengan, ku prilaku manusa
Kaula rek nyandak warisan manusa
Kudu runtut, paut, anut, patut ka manusa
Ulah hiri, ulang dengki, jail, kaniaya ka papada manusa.


Pengertian :
"Rajah Pun Sampun Nya Paralun " ini dibacakan sebagai pembuka. 
Intinya, dalam pembuka, Juru Rajah meminta izin kepada Sang Pencipta untuk rajah yang di lantunkan kemudian. 
Selain meminta izin, rajah ini menceritakan do'a yang di ucapkan untuk para pendahulu, di antaranya kepada Rosul, Nabi, Wali, pelaku sejarah, dan nenek moyang. 

Dalam Rajah Pun Sampun Nya Paralun " Di jelaskan juga pentingnya menelusuri sejarah, sebagai upaya untuk tetap menegakkan identitas Orang Sunda dan budayanya. 

Permohonan lain di bacakan untuk yang menghuni di alam karuhun atau (alam gaib) dan yang ada pada semua jiwa manusia. 

Disebutkan juga maksud dari semua penyebutan ini sebagai upaya agar teratur dan terjalin sehingga tidak saling menyakiti, tidak di penuhi iri dengki. 

Juru Rajah terlebih dahulu mengucapkan kata ‘Sampurasun’, 
kata ‘Sampurasun’ yang berarti sampurna ning insun (terjemahan: sempurnalah jiwa manusia). 
Lalu oleh hadirin atau orang yang akan di rajah menjawab dengan kata ‘Rampes’, yang artinya reang hampura estu (terjemahan: dimaafkan oleh semuanya). Selanjutnya diteruskan dengan membaca rajah rajah SUNDA Seperti di  atas.

  1. [1]
    Pada kalimat pertama pendahuluan rajah ini adalah mantra buhun. Namun untuk menghindari salah penafsiran oleh umum dan terutama agar tidak dianggap bertentangan dengan ajaran agama Islam, maka mantra rajah dapat diganti dengan kalimat berikut: “Pun sampun tabe paralun, ka Gusti nu ngawidi, ka Pangeran nu ngawasa, anu ngawiati tungkebing langit, anu ngaraksa tangkaring jagat, kula seuweu siwi Pajajaran, seuja mukakeun turub cupu nu karuhun”
  2. [2]
    Pada tanda titik-titik tersebut dibacakan nama orang yang mempunyai hajat/kepentingan, misalnya: Pupuhu Kemendikbud, atau Pupuhu BNPB, atau nama orang tertentu.

Sumber referensi: Buku Rajah Sumedang, Darsum Dipa Atmaya

Share:

Sampurna Rasa Ingsun


Sampurasun Dulur....

Amit ampun nya paralun
Agungna ka wujud Gusti nu Maha Suci
Jembarna ka para luluhur
Sabuder Alun Ka Ibu agung ka Rama agung

Ka ibu anu teu muguran ka rama anu mugaran,
Deuheus na ka ibu-rama
Nu jadi cukang lantaran urang gumelar di pawenangan
Nyang ga keun sadaya daya

Sasaji sapuratina nampi sari nampa rasa
Pangasih ti ibu pertiwi bumi agung bumi alit
Silokaning pusaka diri

Urang kamanusa nu sarasa
Nusasari titis waris nu sajati
Tos jadi uga nu natrat dina waruga

Gumulung jadi sumsum jadi balung jadi pagal kawasa
Sumujud kanu Maha Agung sumembah kanu Maha Kawasa
Sangkan hudang alam rasana, sangkan nyaring alam pikirna
Salawasna ngadeg ka eling

Manawi bahan katami nyanggakeun kaula
Gusti sadaya daya pangawasa kagungan Anjeuna
Geusan netepkeun dina katunggalan
Wujud Gusti nu Maha Suci,

Mugi Sim Abdi
Jadi jelma anu manut kana rasa
Panceg pageuh lalakon Kahirupan
Dina diri anu cageur,
Dina adat anu bageur,
Dina polah anu bener,
Dina pangarti anu pinter
Sangkan pinanggih tilulur
Rahayu bagja waluya
Hirup waras jati walagri
Nagri sampurna rahayu
Rahayu kersaning Gusti.
Share:

Ieu Pepeling Keur Diri - Papatah Keur Awak




Hidep sing saladar, ngajalanan hirup 
Hurip di alam dunya teh heunteu gampang
Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup

Bakal nincak kana tanjakan 
Bakal nincak Jeung pudunan 
Omat hidep ulah kupur

Salawasna keudah sukur 
Jeung eling kanu Maha Agung, 
Nyembah kanu Maha Kawasa 

Turutkeun papagon ageman, 
Jalankeun pituduh Karuhun urang
Ieu pepeling keur diri - papatah keur awak, 
Badan sakujur ingis laku lampah nincak Nu Salah






Share: