Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Rajah Pantun Lutung Kasarung


Bul kukus mendung ka manggung
ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
ka pohaci neda suci
kuring rek di ajar ngidung
nya ngidung carita pantun
ngahudang carita wayang
nyiloka keun nyukcruk laku
nyukcruk laku nu baheula
lulurung tujuh nga bandung
kadalapan keur di sorang

Bisina nerus narutus
Bisina narajang alas
Paliasnerusnarutus
Palias narajang alas
Da puguh galur ing tutur
Ngambat papatan carita

Ti mendi pipasinieun
Ti mana picaritaeun
Ttep mah ti kahyangan

Di tandean cupumanik
Cupumanik astagina

Diwadahan sarat tangan,
Dituruban ku mandepun,
Diteundeun di jalan gede

dibuka ku nu ngaliwat
ku nu weruh di semuna
ku nu terang di jaksana
ku nu rancage di hate

di buka pating haleuang
nu menta di lalakon keun
Share: