Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Bedana Urang Jeung Wayang



Kiwari lain kamari tapi ayeuna
Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel
naratas jalan sangkan lolongkrang,
teu katutupan jalan
Lumampah di alam dunya
ceunah darma wawayangan
usik malik diobah ku dalang
Tapi urang lain wayang
sabab wayang moal boga kahayang,
da wayang mangrupa barang
Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang
hayang tandang, pakan jeung sandang
sabab urang boga akal jeung pikiran
lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang
Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati
tuluy jadi hoream ngahontal kahayang
gagal lain hartina lengiteun akal
tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun
rurungkan nu ngahalangan jalan
Sing percaya kana diri
nu dianti pasti ngawujud bukti
asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci
Urang beda jeung wayang
lantaran urang boga akal jeung pikiran
wayang ngan ukur parabot dalang
nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan.


Doc. Pun Aki R. Sahid Nitihardja Wibisana
Share: