Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Siloka Lengkah Kahirupan



Lampah merenah, hirup tumaninah
Lampah mun teu puguh, bakal kasarung antupna linglung
Mun embung lampah kasarung,
Lengkah kudu incah kanu merenah

Ciciren nu gede jajaten, teu seunggah nyorang harungan
Nyorang kahayang tong ngan ukur dicatur, sorang ku tarekah lengkah

Lengkah teu merenah, lumampah moal pinanggih berkah
Lain awak anu sial, tapi laku lampah nu jadi lantaran

Kawas mulas dina sagara mun kahayang teu dibarengan nyiar
Nyukcruk gunung najan luhur moal matak paur mun netena teu loba lewa

Tong incah tina papagon mun hayang hirup jongjon
Hojah bakal mawa berkah mun laku di barengan elmu

Moal incah dina merenah mun hirup teu awuntah
Laku nu payus nuntun lampah kanu merenah.


Doc. Pun Aki R. A. Basyari Djajasoebrata
Share: