Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Pepeling Diri


Datang mangsa nyandang rasa
Nu di tunggu geus manjing sangkala tangtu
Nya kiwari manjing nu gubrag ngabukti
Soenda tandang mangun sari wangi diri
Dagah rongkah lain pedah
Agul unggul lain wungkul
Dangiang pada nguniang
Soenda manggung mo kahalang
Ngan hanjakal, padana pakia-kia
Masih keneh, kalarung hawa nafsuna
Mawa aing asa turus uyah kidul
Ngudag tangtung, dina pada-pada unggul.
Najan elmu pada luhung
Taya guna mun jadi alat panundung
Nupuguhmah petana suling nu silung
Heuheuy deudeuh............
Nga-geuhgeuy sili geugeuleuh.

Rahayuuuuu gusti

Share: