Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Tampilkan postingan dengan label Pepeling Diri. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pepeling Diri. Tampilkan semua postingan

Bahasa kolot Jaman Baheula


Bahasa kolot jaman baheula ARI UYAH MAH TELESNA KAHANDAP (buah jatuh tidak jauh dari phonnya) ngandung harti kalakuan anak mah moal jauh tina kalakuan kolot na

tapi teu kitu nanaon oge kumaha didikan ti leutikna , sok sanajan budak lacur atawa budak garong ari di didik ti leutikna ku elmu agama allah mah insya allah eta budak aya harepan jadi ahli ibadah ,

Teu saeutik anak tukang ibadah jadi lacur jadi garong .
Gara gara naon atuh gara gara didikan kolot anu kurang wejes

sok anak teh didik ku elmu agama ulah sampai anak urang hatena kosong tina elmu agama .

Teu bisa ngadidikna ! atu tinggal titip keun ka kiyai ka ajengan ari rumasa teu bisa ngadidik mah

Anak soleh pasti bisa mere safaat kanu jadi indung bapa na
nepi engke ka di yaumil mahsar insya allah

Mudah mudahan anak anak urang sing dijadikeun anak anu soleh tur solehah
Amiiin
Share:

Pepeling Kanggo Diri Pribados


Pangalaman sim kuring tina bab shodaqoh sa jabina ti dinya urang teu sadar yen eta pagawean teh aya dina unggel firman Na ngajalankeun atanapi keur ngamalkeun rohman rohim na pangeran nu maha agung nya eta gusti Allah swt.
Di antarana di hampangkeun jeung di lancarkeun tina urusan duniawi tina jalan anu teu di sangka sangka sa teu acan na 

Kumargi kitu hayu urang hayuh sasarengan di ajar ngamal keun sakaligus migawe pagawean na gusti anu nyata na rohman rohim anu parantos di paparin ka urang maksakeun ngaderma keun nga balanjakeun sabahagian harta urang di jalan allah

Manfaat na tina shodaqoh :
  • Ngadatang keun milik rizqi nu teu di sangka-sangka
  • Nolak kana musibah jeung balai  na
  • Nyageurkeun panyakit
  • Manjangkeun umur
  • Sing yakin nu sayakin yakin na

Mun migawe ku ka hadean, buahna tos tangtu bakal datang kahadean nu raosna rasa na.
Ieu mung sakadar pepeling kangge diri pribados malah mandar aya guna mangfaat na keur balarea. 

kirang langkung na kuring neda si hapunten lahir sareng batin

Kuring nulis jeung kuring apal ku waktu kuring nulisna
leungeun Kuring bakal lenyap ku waktu jeung ku umur, tapi tulisan leungeun kuring pasti bakal 
langgeng di hate nu maca jeung ngaregeup keun na
Mugi .... Rahayu gusti .....rahayu
Share:

Teu Gampang Dina Ngambah Ka hirupan

Teu gampang dina ngambah kahirupan Di dunya

Ditungtun ku SANTUN
Diraksa ku RASA
Dilatih ku PEURIH
Diasuh ku LUNGGUH
Diasah ku KANYA'AH
Disipuh ku KARIPUH

Teu gampang dina ngambah kahirupan.
Anging tarekah nu dibarung ku du'a tina ati anu léah nu baris mawa kana kabagjaan.

Nalika di alam kubur teu aya batur, ukur amal nu baris nungtun.
Ka sawarga atawa naraka, amal urang nu nangtukeun.

Cinta ka dunya ulah kamalinaan, komo bari mopohokeun alam kalanggengan.
Satemena di dunya ukur ngumbara, di ahirat kahirupan nu sabenerna.

Tong sombong ku tagog, ulah reueus ku rupa, da eta mah bakal sirna.
Kasép atawa geulis moal di peunteun, ukur haté anu baris di ajéun.

Paralun anu kasuhun, lain rék ngélingan batur.Ieu mah ukur jang diri sorangan, simkuring salaku jalma nu pinuh ku kakurangan

Mugia Allah salamina nangtayungan urang, Maparin jalan pikeun ngadongkang kabagjaan, kalayan lungsur-langsar ngabalungbang

Nun Gusti nu maha agung, tebihkeun diri tina hianat, paralun tisoledat kana maksiat. Hampura abdi gusti

Aamiin... hatur nuhun Gusti mugi maparin ridhoNa
Share:

Lisan Anjeun Pecut Anjeun

Sing saha jalma di dunya teu bisa ngajaga lisan na sorangan tina omongan anu bisa nganyenyeuri perasaan jalma sejen, niscaya hatena pasti di jaga tina rasa nyeuri jeung ka susah ku gusti allah s.w.t
Share:

Papatah kolot baheula


Labuh ku laku, Ti gubrag ku ahlak 
Cilaka mah jarang ku sasaha, tapi mineung na ku polah sorangan

Nu kitu ngaran na cilaka ku pamolah sorangan
Sing Bener hirup hidep nu kasep, nu geulis
Share:

Dzikrul Maot Sunda



Lirik  Dzikrul Maot Sunda

Anjeun ges poho
Yen maot ngadodoho
Hirup katungkul pati       
Dilangit pandeuri nutup catur diri   
Hirup rek dipungkasan 
Seja hisab amalan
Dipapag balitungan
Narima ganjaran atawa siksaan       

Reff:

Nalika laju pasaran                     
nu nganteurkeun ka kuburan 
Harta banda teu nulungan
Hamo dipaketan gelan                                 
Napas anu panganggeusan                   
Geus kaluar tina badan                       
batin ceurik balilihan                     
Taya gesan pamuntangan.           


Terjemahan bahasa indonesia
Apakah anda sudah lupa
Bahwa mati sudah menunggu
Hidup ditunggu mati
Dilangit terakhir tutup diri kita
Hidup akan diakhiri
Akan hisab amalan
Diantar perhitungan
Terima ganjaran atau siksaan

Reff :
Melihat jalannya keranda
Yang mengantar ke kuburan
Kekayaan tidak menolong
Tidak akan dibawakan perhiasan
Nafas yang terakhir
Sudah keluar dari jasad
Hati menangis sedih
Tidak ada tempat pegangan

Share:

Angkat Aku Jadi Murudmu



Ngaguru kukabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh metuh jajampean
Ajeg lampah dilakonan
Lemah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas ajaran tibeurang
Ngaguru ka poek peuting.
Share:

KANYAAH NU PUPULASAN


Ngarandeg sabada leumpang dina pengkolan jalan anu ngolecer
Nu kateuteup beungeut lembur kapi dangdung dina liwung
Teu kaampeuh cimata beueus nganteur lamunan dina panineungan
Baheula jaman hirup di lembur,lembur singkur kungsi di huru di duruk
Deudeuh...rahayatna paburisat lumpatna bari ngoceak

Kiwari
Nagri Kuring Lemah Cai kuring cikerih loba ngageuri
Hate Rahayatna beak ruksak disasaak ku Pajabat nu teu haat
Duit Nagri ludes ngiles lus les loba tingkereles
Digerejud dirarud kunu bedegul nepi ka beak purutul

Deudeuh.....
Rahayat guyang cimata, Bangsat Nagarana susurakan arulin ka luar Nagara

Longkewang maju ka jungkrang
Dina ceuli rahayat kiwari loba sora anu ngoncrang pinuh ku pangoloan

Loba nu datang narepungan asruk-asrukan daratang muru ka lembur
Harayang jadi pajabat.....Cenah.!!

Saromeah umat imut darehdeh siga nu enya haraat ka Rahayatna
Mun geus jeneng..? 
Imut ngiles nu rek haat pungkasna leungit ngereles.

Creation by R.A Ganda Sasmitadipoera
Share:

Pepeling Diri


Datang mangsa nyandang rasa
Nu di tunggu geus manjing sangkala tangtu
Nya kiwari manjing nu gubrag ngabukti
Soenda tandang mangun sari wangi diri
Dagah rongkah lain pedah
Agul unggul lain wungkul
Dangiang pada nguniang
Soenda manggung mo kahalang
Ngan hanjakal, padana pakia-kia
Masih keneh, kalarung hawa nafsuna
Mawa aing asa turus uyah kidul
Ngudag tangtung, dina pada-pada unggul.
Najan elmu pada luhung
Taya guna mun jadi alat panundung
Nupuguhmah petana suling nu silung
Heuheuy deudeuh............
Nga-geuhgeuy sili geugeuleuh.

Rahayuuuuu gusti

Share:

Ulah Ngarasa Aing Jago


Simkuring sanes JAWARA gelut, 
simkuring ngan saukur pecinta seni SUNDA
Tong sok MENTANG-MENTANG, bisi loba nu NANTANG
Ulah ngarasa asa aing JAGO, 
nyieun salah meni di BORO, 
NYAWA nyaeta euweuh GANTI na
Ulinan nu BENER sanajan BATUR, 
elingan nu SALAH sanajan DULUR
Baong mah geus lain zaman na deui, 
Nu keur nge-TREND ayeuna ngabungahkeun nu jadi KOLOT
Mening keneh urang igelan ITEUK
Ku seni budaya ameh teu ka GUSUR
Ulah keok memeh di pacok

Share: