Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

KANYAAH NU PUPULASAN


Ngarandeg sabada leumpang dina pengkolan jalan anu ngolecer
Nu kateuteup beungeut lembur kapi dangdung dina liwung
Teu kaampeuh cimata beueus nganteur lamunan dina panineungan
Baheula jaman hirup di lembur,lembur singkur kungsi di huru di duruk
Deudeuh...rahayatna paburisat lumpatna bari ngoceak

Kiwari
Nagri Kuring Lemah Cai kuring cikerih loba ngageuri
Hate Rahayatna beak ruksak disasaak ku Pajabat nu teu haat
Duit Nagri ludes ngiles lus les loba tingkereles
Digerejud dirarud kunu bedegul nepi ka beak purutul

Deudeuh.....
Rahayat guyang cimata, Bangsat Nagarana susurakan arulin ka luar Nagara

Longkewang maju ka jungkrang
Dina ceuli rahayat kiwari loba sora anu ngoncrang pinuh ku pangoloan

Loba nu datang narepungan asruk-asrukan daratang muru ka lembur
Harayang jadi pajabat.....Cenah.!!

Saromeah umat imut darehdeh siga nu enya haraat ka Rahayatna
Mun geus jeneng..? 
Imut ngiles nu rek haat pungkasna leungit ngereles.

Creation by R.A Ganda Sasmitadipoera
Share: