Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Teu Gampang Dina Ngambah Ka hirupan

Teu gampang dina ngambah kahirupan Di dunya

Ditungtun ku SANTUN
Diraksa ku RASA
Dilatih ku PEURIH
Diasuh ku LUNGGUH
Diasah ku KANYA'AH
Disipuh ku KARIPUH

Teu gampang dina ngambah kahirupan.
Anging tarekah nu dibarung ku du'a tina ati anu léah nu baris mawa kana kabagjaan.

Nalika di alam kubur teu aya batur, ukur amal nu baris nungtun.
Ka sawarga atawa naraka, amal urang nu nangtukeun.

Cinta ka dunya ulah kamalinaan, komo bari mopohokeun alam kalanggengan.
Satemena di dunya ukur ngumbara, di ahirat kahirupan nu sabenerna.

Tong sombong ku tagog, ulah reueus ku rupa, da eta mah bakal sirna.
Kasép atawa geulis moal di peunteun, ukur haté anu baris di ajéun.

Paralun anu kasuhun, lain rék ngélingan batur.Ieu mah ukur jang diri sorangan, simkuring salaku jalma nu pinuh ku kakurangan

Mugia Allah salamina nangtayungan urang, Maparin jalan pikeun ngadongkang kabagjaan, kalayan lungsur-langsar ngabalungbang

Nun Gusti nu maha agung, tebihkeun diri tina hianat, paralun tisoledat kana maksiat. Hampura abdi gusti

Aamiin... hatur nuhun Gusti mugi maparin ridhoNa
Share: